Hangeul
Hangul (한글) atawa Chosŏn'gŭl (조선글)[1] | ||
---|---|---|
Tipeu: | Alpabét | |
Basa: | Koréa | |
Dijieun*ku | Raja Sejong | |
Mangsa: | ~1446 nepi ka kiwari | |
Sistim Tulis indung: | artificial script Hangul (한글) atawa Chosŏn'gŭl (조선글)[1] | |
Hangeul | ||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Kecap Han-geul ditulis ku aksara Hangeul | ||||||
Ngaran Koréa | ||||||
|
Hangeul (Basa Koréa: 한글, hangeul atawa hangǔl), atawa Joséon-geul/Chosŏn'gŭl (조선글) di Koréa Kalér nyaéta alpabét asli basa Koréa (dibandingkeun jeung sistim Hanja nu diinjeum ti Tiongkok).[2]
Sanajan tulisan Hangul katempo saperti tulisan idiografik (tulisan dina wangun 'simbul', misalna basa Tiongkok), Hangul sabenerna mangrupa aksara fonétik. Unggal blok Hangul kawengku ku sakurang-kurangna dua di antara 24 hurup (jamo)— 14 hurup paéh (konsonan) jeung 10 hurup hirup (vokal). Numutkeun sajarah, alpabet Hangul sabenerna masih miboga 3 konsonan jeung 1 hurup vokal, ngan dileungitkeun lantaran geus teu dipaké deui.
Hangeul diciptakeun ku Raja Sejong nu Agung ti Joseon taun 1446. Formula abjad ieu disebut 훈민정음 (Hunminjeongeum, hartina Sora nu hadé anu diajarkeun pikeun rahayat). Raja Séjong nyieun formula abjad anu luyu jeung basa Koréa lantaran Hanja (karakter anu diinjeum ti Tiongkok) henteu luyu jeung basa Koréa sarta hésé diajarkeun. Sanajan kitu, kaum yangban (bangsawan) keukeuh maké Hanja lantaran manéhna nganggap Hanja teu bisa digenti ku aksara nu séjén.
Ngaran Hurup Vokal
[édit | édit sumber]Jamo | Cara nyebut | Jamo | Cara nyebut |
---|---|---|---|
ㅏ | a (아) | ㅐ | aé (애) |
ㅑ | ya (야) | ㅒ | yaé (얘) |
ㅓ | éo (어) | ㅔ | é (에) |
ㅕ | yéo (여) | ㅖ | yé (예) |
ㅗ | o (오) | ㅚ | oé (외) |
ㅛ | yo (요) | ㅙ | waé (왜) |
ㅜ | u (우) | ㅘ | wa (와) |
ㅠ | yu (유) | ㅟ | wi (위) |
ㅡ | eu (으) | ㅝ | wo (워) |
ㅣ | i (이) | ㅢ | ui (의) |
ㅞ | wé (웨) |
Ngaran Hurup Konsonan
[édit | édit sumber]Jamo | Ngaran (di Koréa Kidul) | Ngaran (di Korea Kalér) | Romaji (di awal) | Romaji (di ahir) | Jamo | Ngaran (di Koréa Kidul) | Ngaran (di Koréa Kalér) | Romaji (di awal) | Romaji (di ahir) |
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
ㄱ | giyéok (기역) | kiŭk (기윽) | G | K | ㄴ | nieun (니은) | niŭn (니은) | N | N |
ㄷ | digeut (디귿) | tiŭt (디읃) | D | T | ㄹ | rieul (리을) | riŭl (리을) | R | L |
ㅁ | mieum (미음) | miŭm (미음) | M | M | ㅂ | bieup (비읍) | piŭp (비읍) | B | P |
ㅅ | siot (시옷) | siŭt (시읏) | S | T | ㅇ | ieung (이응) | iŭng (이응) | tambahan pikeun vokal anu aya di awal | NG |
ㅈ | jieut (지읒) | chiŭt (지읒) | J | T | ㅊ | chieut (치읓) | ch'iŭt (치읓) | C | T |
ㅋ | kieuk (키읔) | k'iŭk (키읔) | K | K | ㅌ | tieut (티읕) | t'iŭt (티읕) | T | T |
ㅍ | pieup (피읖) | p'iŭp (피읖) | P | P | ㅎ | hieut (히읗) | hiŭt (히읗) | H | T |
ㅉ | ssangjieut (쌍지읒) | toen'chiŭt (된지읒) | CC | T | ㅆ | ssangsiot (쌍시옷) | toen'siŭt (된시읏) | SS | T |
ㅃ | ssangbieup (쌍비읍) | toen'biŭp (된비읍) | PP | T | ㄸ | ssangdigeut (쌍디귿) | toen'tiŭt (된디읃) | TT | T |
ㄲ | ssanggiyéok (쌍기역) | toen'kiŭk (된기욱) | KK | K |
Catetan suku
[édit | édit sumber]- ↑ Tempo di luhur jeung Ngaran Koréa.
- ↑ https://www.wdl.org/en/item/4166
Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat').
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |