Fenomenologi
Pidangan
Fénoménologi (Yunani,''phénoména'' hiji hal anu datang jeung logos, kécap-kécap, élmu pangaweruh).[1] Sacara umum fénoménologi bisa di sébut ogé élmu pangaweruh ngeunaan gejala-gejala,dipaténtangkeun jeung nouménon (thing-in-itself) kantianisme.[1] Shipley (1963:231) fénoménologi mimiti di paké ku Johann Heinrich Lambert dina buku anu jejerna Neue Organon (1764).[1] Jeung ciri anu sarua fénoménologi ogé dipaké ku Immanuek Kent, George Wilhelm Friedrich Hegel, Martin Heidegger, Masurice Marleau-Ponty, jeung Hans-Georg Gadamer.[1] Sanajan kitu, anu dianggap mimiti ngedalkeun fénoménologi téh nyaéta filusuf Jérman, Edmund Husserl (1859-1938).[1]