Lompat ke isi

Asam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Réaksi kimia séng, sarupaning logam, sareng asam klorida, sarupaning asam

Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat'). Asam nyaéta molekul atawa ion nu bisa masihkeun proton (ion hidrogén H+), atawa, bisa ngawangun beungkeut kovalén liwat pasangan éléktron (mangrupa asam Lewis).[1]

Katégori asam nu kahiji nyaéta nu masihan proton atawa asam Brønsted. Dina kaadaan husus di leyuran ngandung cai, pamasih proton ngawangun ion hidronium H3O+ nu katelahna asam Arrhenius. Brønsted sarta Lowry nyieun wangun umum téori Arrhenius nu ngasupkeun pangleyur nu sanés cai. Asam Brønsted atawa Arrhenius biasana ngandung atom hidrogén nu kabeungkeut jeung struktur kimia nu tetep aktip ngandung énérgi saatos ngalepaskeun H+.

Asam Arrhenius dina pangleyur cai miboga sipat nu nyadiakeun harti praktis ti asam.[2] Asam dina pangleyur cai miboga rasa nu haseum, bisa ngubah litmus biru janten merah, jeung ngahasilkeun réaksi sareng basa sarta macam-macam logam (sapertos kalsium) nu ngawangun uyah. Kecap asam asalna ti basa Latin acidus/acēre nu hartina haseum.[3] Asam dina pangleyur cai miboga pH kirang ti 7, leyuran ieu disebut 'asam' ogé dina basa sapopoé (sapertos 'dileyurkeun dina asam'), tapi harti ketatna mah nu disebut asam téh nyaéta zat nu leyurna.[1] Nilai pH nu leuwih alit hartina miboga kaasaman nu leuwih ageng sarta konséntrasi ion positif hidrogén nu leuwih ageng dina leyuran.

Leyuran asam dina cai nu umum nyaéta asam klorida (larutan hidrogén klorida nu aya dina asam lambung sarta ngaaktipkeun énzim pencernaan), asam asétat (cuka nyaéta larutan dina cai nu éncér ti asam ieu), asam sulfat (digunakeun di baterai mobil), sarta asam sitrat (nu aya dina buah sitrus). Dumasar kana conto, asam (dina pandangan kahirupan sapopoé) wangunna bisa leyuran atawa zat murni, sarta bisa diturunkeun ti asam lain (dina pandangan ketat[1]) nu padet, cair, atawa gas. Asam kuat sarta sababaraha asam lemah kakonséntrasi sipatna korosif, kecuali karborana sareng asam borat.

Katégori asam nu kadua nyaéta asam Lewis, nu ngawangun beungkeut kovalén ngagunakeun pasangan éléktron. Contona boron trifluorida (BF3), atom boron miboga orbital kosong nu bisa ngawangun beungkeut kovalén ku cara ngabagikeun pasangan éléktron di atom nu basa, dina conto ieu nyaéta atom nitrogén di amonia (NH3). Lewis nimbangkeun ieu salaku wangun umum ti harti asam Brønsted, jadina asam dihartikeun spésiés kimia nu narima pasangan éléktron sacara langsung atawa ku cara ngalepaskeun proton (H+) ka leyuran, nu salajengna narima pasangan éléktron. Namung, hidrogén klorida, asam asetat, sarta kaseueuran asam Brønsted-Lowry lainna teu bisa ngawangun beungkeut kovalén sareng pasangan éléktron, jadi teu kaasup kana asam Lewis.[4] Sabalikna, seueur asam Lewis nu teu kaasup kana asam Arrhenius atawa Brønsted-Lowry. Dina términologi modérn, asam sacara implisit ngarujuk ka asam Brønsted, sanés asam Lewis, ku sabab ahli kimia hampir sok ngarujuk asam Lewis sacara éksplisit ku asam Lewis.[4]

Aya ogé pembagian jenis asam janten asam kuat sareng asam lemah, pakait sareng kamampuan ngaburaikan ion hidrogen. Asam kuat gaduh nilai Ka anu gedé (nyaéta, kesetimbangan reaksi jauh ka katuhu). Salaku conto, nilai Ka pikeun asam klorida (HCl) nyaéta 107. Asam kuat gaduh derajat ionisasi 1. Di kahirupan sapopoé darajat keasaman (pH) diukur pikeun aplikasi pengolahan cai, misalna cai minum, cai limbah, cai kolam, sareng sajabana. Alat pikeun ngukur darajat keasaman cai ngaran na pH meter air. Ieu di handap nyaéta daptar asam kuat:

  1. Aqua regia (disebut ogé cai raja) campuran HCl sareng HNO3
  2. HNO3
  3. H2SO4
  4. Asam halida(kecuali HF) HI>HBr>HCl
  5. Asam oksi halogen HXO4>HXO3>HXO2>HXO

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c "IUPAC Gold Book - acid". IUPAC. Diakses tanggal 7 Juni 2019. 
  2. Petrucci, R.H.; Harwood, R.S.; Herring, F.G. (2002). General Chemistry (8th ed.). Prentice-Hall. p. 146. ISBN 0-13-014329-4. 
  3. "acid". Merriam-Webster's Online Dictionary. Diakses tanggal 7 Juni 2019. 
  4. a b Oxtoby, D. W; Gillis, H.P.; Butler, L. J. (2015). Principles of Modern Chemistry. Brooks Cole. p. 617. ISBN 978-1305079113. 

Tutumbu luar

[édit | édit sumber]