Itil
Clitoris | |
---|---|
Anatomi jeroan mémék manusa, diantarana kulit itil jeung labia minora nu ditandaan ku garis. Itil manjang ti bagian nu katempo nepi ka handapeun tulang baga. | |
Rincian | |
Prekursor | Tuberkulum génital |
Arteri | Sirip tonggong itil, artéri jero itil |
Vena | Véna dorsal superfisial itil, véna dorsal jero itil |
Saraf | Saraf tonggong itil |
Pengenal | |
MeSH | A05.360.319.887.436 |
Dorlands /Elsevier | Clitoris |
TA | A09.2.02.001 |
FMA | Citakan:FMA |
Terminologi anatomi |
Itil (Basa Inggris: clitoris, basa Indonésia: klitoris) nyaéta organ séks awéwé umumna mah sakum mamalia bikang, kawas manuk onta jeung sajumlah sato séjénna. Bagéan nu nyentil kawas kutil ieu perenahna lebah juru labia minora, luhureun liang heunceut. Teu cara hulu kontol, homolog lalaki satara jeung itil, biasana teu ngandung bagian distal (atawa bubukaan) urétra jeung deuih teu dipaké pikeun lawang miceun cikiih. Sedengkeun sawatara sato kingkiihanna liwat itil mah nya hyena, nu miboga itil nu ngembang hadé pisan, kingkiihan, sarta jadi organ palengkep mangsa babar. Babaraha mamalia séjénna, kawas lemur jeung monyét lancah, ogé miboga itil nu kawilang hadé ngembangna.[1]
Ari itil téh zona érotis manusa nu pangsénsitifna, deuih umumna mah mangrupa sumber anatomi utama kenikmatan séksual awéwé.[2] Di manusa jeung mamalia séjénna, ngembangna itil keur dina émbriona mah asalna tina tuberkulum génital. Mimitina mah sarua, ieu tuberkulum satuluyna ngembang, aya nu jadi kontol aya ogé nu jadi itil. Ieu téh gumantung kana aya atawa henteuna ptéin tdf, nu dikodifikasi ku gén tunggal dina kromosom Y. Ari itil mah struktur nu kompléks, ukuran jeung kapekaanna variatif. Kelenjar (hulu) itil manusa ukuran jeung bentukna téh kawas kacang, matak di sawatara wewengkon mah sok disebut "kacang" atawa "kakacangan". Diperkirakeun itil téh miboga leuwih ti 8.000 tungtung saraf sénsorik.[3]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ Goodman 2009; Roughgarden 2004, pp. 37–40; Wingfield 2006, p. 2023
- ↑ Rodgers 2003, pp. 92–93; O'Connell, Sanjeevan & Hutson 2005, pp. 1189–1195; Greenberg, Bruess & Conklin 2010, p. 95; Weiten, Dunn & Hammer 2011, p. 386: Carroll 2012, pp. 110–111, 252
- ↑ Carroll 2012, pp. 110–111, 252; Di Marino 2014, p. 81
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |