Lompat ke isi

Gudeg

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sangu gudeg

Gudeg (Jawa: gudheg) nyaéta kadaharan has daérah Yogyakarta sarta umumna daérah-daérah anu aya di Jawa Tengah.[1] Dijieun tina nangka ngora (Jawa: tewel, gori) tuluy diasakan maké cipati anu dicampur jeung bungbu-bungbu anu geus ditangtukeun.[1] Bungbu gudeg téh kayaning: bawang beureum, bawang bodas, katuncar, laja, daun salam, jeung gula beureum.[1] Diasakanna maké kendil (kuali) dina luhureun ruhak areng. [1] Gudeg sahenteuna dibedakeun kana dua rupa, gudeg garing jeung gudeg baseuh.[2]

Butuh waktu lila pikieun nyieun sapiring gudeg, sanajan kitu gudeg mah henteu gampang haseum tur bisa ditunda dina waktu nu lumayan lila.[1] Batur ngadahar gudeg taya lian: sangu, hayam, endog, tahu , jeung sambel goréng kérécék (kurupuk kulit sapi, rambak).[1][3]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Gudeg téh kadaharan titinggal karajaan Mataram, cenah baheula dina taun 1550 patugas anu digawé dipawon mecakan ngasakan nangka ngora anu dicampuran ku gula beureum, teu dinyana hasilna ngeunah tur loba nu mikaresep nepika kiwari.[2] Aya ogé anu nyebutkeun cenah gudeg téh mimiti kapanggih ku saurang bala tantara anu ditugaskeun pikeun masak didapur, hiji mangsa manǍhna ngasakan nangka anu dicampuran gula beureum jeung cipati.[2] Teu kawawa ku capé jeung poho, éta asakan nangka téh kalahka poho dijait nepika lima jam lilana, teu dinyana barang dijait éta asakan nangka téh mibanda rasa anu ngeunah tur loba nu mikaresep.[2]

Prosés nyieun

[édit | édit sumber]

Gudeg didamel tina nangka atah. Béda sareng daging buah nangka anu asak, anu lemes, konéng herang, berminyak sareng raoseun amis pisan, nangka atah ngagaduhan konsistén anu padet sareng rada garing na teu tiasa didahar atah. Saatos mesék kulitna, nangka ngora diteureuy sakedik-sakedik sareng dikulub heula dina cai ngagolak dugi ka lemes. Saatos éta, buah nangka dituang ku santan—sering dicampurkeun sareng cai kalapa, dibumbui ku rempah-rempah anu tangtu sareng didamel lami—biasana salami 4-6 jam.[4][5]

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f Suryo, Sukendro (2009). Jalan-Jalan Kuliner Aseli Jogja. Yogyakarta: Media Pressindo. ISBN 9789797880682. 
  2. a b c d Sinaga,Basuki, Sofia (2016). Cambridge IGCSE® Bahasa Indonesia Coursebook Cambridge International IGCSE. Yogyakarta: Cambridge University Press. ISBN 9781316600054. 
  3. Ayuningsih, Fajar (2008). Menikmati Kelezatan Mkn Yogya, Smr, & Mg. Yogyakarta: Cambridge University Press. ISBN 9789792238570. 
  4. 1010 Resep 2008, p. 409—410.
  5. Sri Owen 2014, p. 89.