Awi krisik
Awi krisik | |
---|---|
Awi krisik (Bambu cina), Bambusa multiplex ti Darmaga, Situgedé, Bogor Kulon | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Supertribus: | |
Tribus: | |
Subtribus: | |
Génus: | |
Spésiés: | B. multiplex
|
Ngaran binomial | |
Bambusa multiplex | |
Sinonim | |
sinonim langkung lengkep mangga tinggali The Plant List.[5] |
Awi krisik (Bambusa multiplex)[6] nyaéta tangkal awi anu ngahaja dipelak ku lantaran mibanda loba kagunaan, utamana pikeun pager hirup di buruan anu perenahna nyanghareup ka jalan.[7] awi krisik disebut ogé awi ganani ; awi cina [8] ; awi pager [9] atawa buluh pagar.[6] Awi krisik di daérah Jawa disebutna pring gĕndani, pring cĕndani (basa Jawa).[8] Dina basa Inggris disebutna hedge bamboo[1][6] kalawan mibanda rupa-rupa variasi, atawa numutkeun kultivarna; disebut ogé Chinese dwarf bamboo.[6]
Pedaran
[édit | édit sumber]Awi krisik tangkalna ngarungkun tur kékép ; rimpangna nyagak simpodial.[9]Iwungna héjo, lokos; tangkal anu masih kénéh ngora semu bodas kawas disimbutan ku bubuk lilin.[9] Tangkalna ajeg pucukna ngarumpuyuk, jangkungna bisa nepi ka 8 m, tungtung tangkal ka pucukna melengkung; régangna bijil tina buku-buku tangkal anu masih kénéh deukeut tina taneuh.[9] Dina satangkal régang anu bijil ukuranna méh sarua, panjang lk. 7-9, panjang buku-bukuna 30-50 cm sedengkeun garis tengahna (0,3–)1,5–2,5 cm.[9] Tangkal awi krisik kawilang ipis tapi pejel 5 mm (var. riviereorum); héjo hérang, kalwan mibanda bulu-bulu anu heuras kelirna coklat nepi ka coklat kolot, utamana anu aya di handapeun buku tangkal; buku-bukuna ngajarendul.[9][10]
Salumpitna gancang leupas tina tangkal; wanguna kawas trapesium leutik, mimtina kawas aya wedakna (semu bodas), henteu buluan, melengkung henteu rata, tungtungna nikel kaluar.[9] Ligula rérégéan henteu rata, jangkungna 1,5 mm, lokos.[9] Palapah daun gancang leupas, ajeg, wangunna kawas segi tilu rada pongpét, palapah handapna méh sarua jeung palapah luhurna, tungtung palapah daun semu méncos, di luarna buluan kelirna coklat.[9][10]
Daun salambar lonyod méncos ka tungtungna 5-13 × 0,6-1,5 cm, daun beulah handap rada keusrak, semu bodas, ngaronyok aya kana 5-26 lambar daun dina tungtung régang; salumpit daun leutik, baruluan ; ligula rérégéan, jangkung lk. 1 mm.[9][10]
Tempat hirup jeung ékologi
[édit | édit sumber]Awi krisik ditaksir asalna ti wewengkon Indocina jeung Cina beulah kalér; kiwari geus nyebar ka sababaraha nagara di wilayah tropis, kaasup Asia Tenggara.[6][11] Awi krisik disebut ogé awi ganani bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, ogé dina dataran anu luhur 1.500 m tina beungeut cai laut (dpl).[6]
Mangpaat
[édit | édit sumber]Awi krisik loba anu mikaresep tur ngahaja dipelak utamana pikeun pager hirup di kebon jeung buruan.[6] Tangkalna anu geus kolot sok dimangpaatkeun pikeun gagang payung atawa jeujeur.[6][12] Di Indonesia jeung Thailand ieu awi dipaké ogé pikeun anyaman.[6] Di Filipina, tangkalna geus dipecakan dijieun bubur pikeun nyieun kertas pulp.[6] Di Taiwan, Awi krisik dipaké pikeun panghalang angin.[6] Kultivar-kultivar tangkalna leuwih pendék ngahaja dipelak dina pot pikeun papaés buruan.[6]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa: 266. Amsterdam :Elsevier.
- ↑ Linné, Carl von & al. 1830. Systema vegetabilium :secundum classes, ordines, genera, species. Cum characteribus, differentiis et synonymiis. Vol. 7(2) : 1350. Stuttgardtiae :Sumtibus J.G. Cottae [1817-1830].
- ↑ Loureiro, J. de. 1790. Flora cochinchinensis : sistens plantas in regno Cochinchina nascentes. Quibus accedunt aliae observatae in Sinensi imperio, ...: 58. Ulyssipone : Typis, et expensis academicis [1790].
- ↑ Raeuschel, E.A. 1797. Nomenclator botanicus omnes plantas ab illustr. Carolo a Linné descriptas aliisque botanicis temporis recentioris detectas enumerans. (ed. 3): 103. Lipsiae [Leipzig] :Apud Johann Gottlob Feind [1797]. OCLC 457447705.
- ↑ The Plant List: Bambusa multiplex Raeusch. ex Schult. Archived 2023-06-06 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l Dransfield, S. & E.A. Widjaja 1995. "Bambusa multiplex (Lour.) Raeuschel ex J.A. & J.H. Schultes". Archived 2016-09-20 di Wayback Machine in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 65-7. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 13-Jun-2016
- ↑ KBBI daring: bambu
- ↑ a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 336-7. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 278-9, sebagai Bambusa nana Roxb.)
- ↑ a b c d e f g h i j Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 30-2. Gb. 13 & L.f. 6. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
- ↑ a b c Flora of China: 57. Bambusa multiplex
- ↑ GrassBase: Bambusa multiplex
- ↑ (id)"Peralatan hiburan dan kesenian tradisional daerah Jawa Barat". Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. Diakses tanggal 2017-04-26.
Daptar pustaka
[édit | édit sumber]- Kamus PS, Tim Penyusun (2013). KAMUS PERTANIAN UMUM. Penebar Swadayas. ISBN 979-002-593-9.
- Ohrnberger, D. (2013). The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa. Elsevier. ISBN 0-444-50020-0.
- Andoko, Drs. Agus (2013). Budi Daya Bambu Rebung. Kanisius.
- Gerbono, Anton (2005). Teknologi Tepat Guna ANEKA ANYAMAN BAMBU. Kanisius. ISBN 979-21-0712-6.
- Haryoto, - (1996). Teknologi Tepat Guna MEMBUAT KURSI BAMBU. Kanisius. ISBN 979-497-621-0.
Tutumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Plantamor: Bambu cina
- Plant Illustrations: Bambusa multiplex
- Useful Trop. Plants: Bambusa multiplex